Gurita Bisnis Google. Dok. HIPPS.HEARSTAPPS.COM
Gurita Bisnis Google. Dok. HIPPS.HEARSTAPPS.COM

Dadan Sutisna

Sastrawan, Ahli IT

Mangsa di urang keur pahibut ku urusan Pilprés, panghasilan Google geus ampir 2.000 trilyun rupia sataunna. Hartina ampir sarua jeung APBN nagara urang. Upama nilik kana modal jeung panghasilan nu sakitu rohakana, asa samar aya nu bisa mapakan. Google jeung rundayanana, kitu deui Facebook jeung anak incuna, antukna mah jadi rajana bisnis digital.

Mun Google dipapandékeun ka hiji juragan, nagara-nagara berkembang kawas Indonésia mah saukur pakacarna, ukur milu hirup sahuap-sakopeun. Buktina, tina sakabéh iklan digital di Indonésia, nu 80% léosna kana saku Google jeung Facebook. Bangsa urang mah ukur kabagéan 20%. Cindekna, usaha iklan digital di urang téh ngan wungkul keur ngabeungharkeun batur.

Dina Google jeung Facebook geus sagala aya. Naon nu dipikabutuh ku manusa modéren, nu hirupna gumantung kana pakakas digital, geus nyampak. Ti mimiti urusan usaha, hiburan, informasi, nepi ka titik-titik lokasi dicatetna ku Google. Mun aya nu niat nyaingan, bakal ninggang kana paribasa pacikrak ngalawan merak. Persaingan asimétris téa, tur antukna mah réa nu bangkar. Di urang, média siber nu bener-bener nanjung mah bisi diitung ku nikelkeun ramo. Sésana saukur partisipasi, tamba teu nuturkeun pajamanan.

Bisnis digital nu milu hirup ka Google réa naker. Ampir sakabéh situs berita midangkeun iklan “sapaméréan” Google. Geus karuhan ari situs abal-abal mah, carékna sakabéh kaca dibéakkeun ku iklan “paméré” téa. Pausahaan-pausahaan badag leuwih milih Youtube pikeun ngiklankeun produkna, da geus kaérong nu muka Youtube leuwih réa batan situs-situs jieunan bangsa sorangan. Teu salah, da ari bisnis mah apan ngukur piuntungeun. Supir Gojék apan tara nongkrong di tengah leuweung.

Geus réa nu taak saenyana mah ku gurita bisnis Google jeung Facebook téh. Da puguh bisnis digital mah lain ukur perlu modal, tapi butuh gagasan nu méncrang deuih. Munculna rébuan ‘startup’ teu jadi ukuran yén bisnis digital di nagara urang maju. Buktina nu terus mindah rupa jadi ‘unicorn’ mah saeutik pisan. Réréana ngan semet idé saharitaeun alias rubuh-rubuh gedang.

Sawatara taun ka tukang, Google nargétkeun boga pagawé sajuta urang. Jumlah sakitu mun digundukkeun mah bisa dipaké ngawangun hiji kota. Ngaleuwihan jumlah penduduk Papua Barat. Atuh lila-lila mah alam dunya dikeukeuweuk ku Google jeung Facebook. Boa ayeuna gé geus ngeureuyeuh, kétang. Da geuning sakalina Facebook jeung anak incuna érror, réa jelema nu ngadadak guling gasahan, leuwih-leuwih ti kaleungitan budak sorangan.

Ari bangsa urang mah, nyanghareupan kaayaan kawas kieu nya ku ajén-inajén kabudayaan: budaya konsumtif téa. Budak satepak gé apan bisa lalajo Youtube nepi ka méakkeun 1 GB sadiukan. Geus karuhan indung-bapana mah. Atuh nu dipikiranana gé apan geus nu lain-lain: jumlah ‘like’ mah, sabaraha kali ‘view’ jeung ‘share’, trénding topik jeung sabangsana, atawa milu teuteundeunan foto dina Facebook. Nya kudu diaku wé, kabiasaan urang téh kawas kitu. Jadi mun aya kénéh nu hohoak magar bangsa urang bisa leupas ti asing téh, rada ahéng ogé.

Salila ieu réa nu boga anggapan yén nu matak bahaya téh lamun bangsa deungeun ngawasa tanah jeung rajakayana. Sasatna ngawasa nu kaciri raga badagna. Nu kitu mah tinggal dibuburak wé, da apan bangsa urang téh boga pangalaman ratusan taun dijajah batur. Ngan mun bangsa asing geus ngawasa pipikiran, gaya hirup katut kabiasaan, éta mah hésé ngabuburakna da geus napel dina uteuk unggal jelema. Di urang mah apan kakara nénjo saurang pagawé bangsa Tiongkok ngulampreng gé riweuhna teu katulungan, ari hapé mérek Xiaomi dibareulian.

Bangsa urang téh réa barangjieun kontén, sanajan umumna mah ukur jadi runtah. Geura wé, cenah dina sapoéana leuwih ti 40 rébu judul berita nu ditulis dina média daring—sawaréh eusina hoaks. Status jeung twit mah geus hésé ngitungna gé. Teu sakabéh bisa méré mangpaatna keur nu lian. Da naon mangpaatna atuh ngimeutan status nu eusina kaceuceub mah, lian ti keur maéhan rébuan sél uteuk. Tapi, ku Google jeung Facebook mah nu kitu téh dipiara. Maranéhna mah saukur ngélingan: “teu kénging seueur hoaks, ih”, tapi dina émprona mah apan diwadahan. Runtah gé keur maranéhna mah piduiteun.

Matak salempang? Ah, naha maké salempang sagala. Ku jaman kiwari mah apan kuota dina hapé téh méré kanimatan luar biasa. Cenah éta aya duit nu asup ka nagara deungeun, atuh itung-itung meuli kapinteran wé, da bangsa urang mah euweuh nu bisaeun barangjieun mapakan Google jeung Facebook, sanés? Ku kituna, nu sok nyarieun status, teruskeun dina kasetatusanana. Nu resep posting poto, énggal sélfi sing seueur. Kasenangan mah apan kudu dijieun ku sorangan, jeung wajar deuih mun aya pameulina. Tapi mun téa mah sakur kacanggihan jaman kiwari saukur dipaké riributan, rugina gé manglipet-lipet. Urang nu hog-hagna, batur nu ngeruk untungna.

Komentari